Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Lingkungan Hidup

Pidato Bahasa Sunda Tentang Lingkungan Hidup

Di dalam kesempatan yang berbahagia ini di cara sehat saya akan memberikan contoh pidato bahasa Sunda tentang lingkungan hidup yang mana kita tahu itu merupakan lingkungan yang menunjang aktivitas kehidupan kita sehari hari. 

pidato sunda tentang lingkungan hidup

lingkungan hidup merupakan area dimana kita tinggal, yang menunjang bagi kehidupan manusia, hewan ataupun tumbuhan jadi begitu sangat pentingnya lingkungan tersebut, maka tidak lama lama lagi mari kita capcus ke pidato sunda tentang lingkungan hidup di bawah ini. 

Ngamumule lingkungan hirup 

( Yogi ginanjar ) 

baca: pidato sunda tentang hari kartini
Dina kasempetan anu Bagja ieu sateuacana hayu urang pajarkeun puja Jeung puji ka hadirat Allah SWT anu tos maparinan urang salarea nikmat nepika urang tiasa Riung mungpulung Dina ieu patempatan Dina kaayaan sehat wal Afiat, teu hilap oge mugia sholawat sareng salam di limpah curahkeun ka jungjunan urang salarea rosul urang salarea Baginda Muhammad SAW, ka kulawargana, ka sobat sobatna, ka thabiin thabiina nepika nalika ka urang salarea anu taat Jeung nginduk Kana agamana, hayu wae ku ucap bismilah urang bahas kumaha pentingna ngamumule lingkungan hitup, Jeung kumaha carana keur ngamumule na. 

baca: contoh pidato perpisahan kelas bahasa sunda

Lingkungan hirup penting Jeung nunjang keur Kahuripan urang salarea, lamun lingkungan hirup urang sehat Jeung baraseka kitu oge nu bakal ku awak urang rasakeun. Tapi lamun lingkungan hirup urang kotor pirujiteun eta oge nu bakal ku awak urang rasakeun, da hirupmah sebab akibat atuh pan tos di jelaskeun, Allah moal ngubah hiji kaum saacan anjeun ngubah sorangan. 
 
baca: pidato sunda tema hari kemerdekaan

Tah ayeuna kumaha Sok carana keur ngamumule lingkungan hirup urang salarea meh baraseka Jeung aman tur nyaman, ieu tah pamungkasnya aya .

1. Tong miceun sampah sakarepna 

Jelema geus loba anu aredan miceun sampah kamana mendi, eta tinggali Sok susukan, di juru pasar, Jeung di jalan jalan ninggali we nu ngaranan sampah. Deuk sampah organik atanapi non organik, tahh lamun hirup urang hayang sehat nyaman Sok ubah pola pikirna Jeung kalakuanana tong Sok sangeunahna miceun sampah dimana wae, meh teu rujit Jeung teu pimatakeun jadi panyakit
.
baca: pidato tentang budaya bahasa sunda

2. Ngangge kendaraan umum 

Tahh lamun maneh nyaah ka masa depana urang salarea kedah ngagunakeun kendaraan umum, bayangkeun we Sok ayeuna hampir unggal imah boga motor, barijeung aya nu leuwih ti hiji, eta nu Matak nyieun panas Jeung Gambir Kana duit, tahh ati ati tina karbonmoniksida tina Sesa pembakaran mesinna, pimatakeun lain oge panas keur kulit tapi bahaya oge kangge paru paru, pan urangteh kdah ngahirup udara nu pinuh oksigen beresih, lamun urang ngangge kendaraan umum sahenteuna ngiring kontribusi meh Dunya teu panas teuing. Jeung jalan meh teu macet teuing. 

baca: pidato bahasa sunda lingkungan hidup

3. Reboisasi pinter 

Salaku jalma anu kudu mikir urang salarea kedah mikir sangkan Leuweung hejo Jeung ngahasilkeun, kusabab loba pisan jalma anu nuaran kai di Leuweung kusabab eta jadi gampang longsormah, banjirmah. Gara gara eta tetumbuhan kai teu ngahasilkeun nu mangfaat lainnya salain di pake bahan bangunan. 

Didieu aya terobosan Sok lamun reboisasi atanapi deuk nyaah Kana Leuweung urang kudu melak kai nu ngahasilkeun buahna, lain saukur kaina hungkul. Sok bikeunan bibit sawo, kadu, kopi, jst. Anu kira Kirana bakal ngahasilkeun lain kaina, da lamun geus ayaanmah pasti bakal di urus tangkalna ku masyarakat teh, tuhh kan Leuweung angger hejo masyarakat oge Untung. 

4. Jaga kanyamanan Jeung kaayaan lingkungan 

Nu kaopat tinggal urang ngajaga kanyamanan Jeung kaayaan lingkungan Anda lamun eta hal engges di laksanakan, urang kudu mempertahankan Cina nyaman Jeung genaheun kangge hirup urang. Kanyamanan kudu di jaga ngameh urang betah terus Jeung kaayaan lingkungan kedah di jaga meh teu gampang ka terus ku hal hal anu mawa pangaruh goreng. 

baca: pidato sunda tema tentang narkoba

Kasimpulanana mah urang salaku jalma anu hirup di Dunya kudu ngajaga Jeung ngarawat Dunya meh nyaman Jeung tuluy betah jauh oge tina panyakit, lingkungan teh kedah di rawat ngarah Jeung kudu pinter Milah Milah kaayaan. Sok gunakeun kendaraan umummah Jeung Sok melakan kai nu aya mangfaat leuwihna, tong hilap tong miceun sampah dimana wae. 

Siganamah sakitu bae anu tiasa ku simkuring dipihatur hapunten bilih aya kakurangan sareng kalepatan, mugia janten elmu anu mangfaat khususna kanggo diri pribados sareng umumnya kanggo sadayana anu dongkap Dina ieu tempat. Hapunten anu kasuhun wassalamu’alaikum warohmatullah wabarokatu. 

pidato basa sunda tentang lingkungan hidup

Mungkin sekian saja artikel kali ini di cara hidup sehat tentang contoh pidato bahasa Sunda tentang lingkungan hidup mohon maaf apabila ada kekurangan dan silahkan untuk menyalin namun editlah, kata akhir terimakasih banyak telah berkunjung.



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Lingkungan Hidup"